ASAL USUSL DESA CIHIRUP
Sajarah
Singkat Desa Cihirup
Desa
Cihirup nyaeta Desa anu paling ujung di Kecamatan Ciawigebang anu perbatasan
sareng Kabupaten Cirebon, Masyarakatna anu mayoritas nyaeta patani.
Asalmulana
Desa Cihirup nyaeta aya hiji sumur anu henteu saat aya bae caina sanajan usum
kamarau panjang atanapi usum katiga, cai anu aya teu eureun-eurun loba anu
nyaian sawah sareng kanggo pepelakan palawija.
Taun
1822-1831, aya saurang pamimpin anu namina Buyut Maskar nyaeta anu ngaranan
Cihirup, anu asal tina basa Ci anu ngandung arti cai sareng Hirup
nyaeta Hirup. Anu ayeuna namina jadi Desa Cihirup.
Runtunana
para pamimpin atawa kuwu desa cihirup nyaeta :
1.
Buyut Maskar (alm) (1822-1831)
2.
Buyut Nasimun (alm) (1831-1839)
3.
Buyut Manisem (alm) (1839-1856)
4.
Bapak Suawinata (alm) (1856-1905)
5.
Bapak Hasantajali (alm) (1905-1942)
6.
Bapak Wijaya Atmaja (alm) (1942-1958)
7.
Bapak Moh. Dasuki (alm) (1958-1967)
8.
Bapak Adi Subrata (1967-1978)
9.
Bapak H.W. Syahrudin (alm) (1979-1998)
10. Bapak H. Royana
(1999-sampe ayeuna)
Desa
Cihirup, terkenal anu namina pasar peuting, anu dilaksanakeuna poe salasa malem
rebo anu biasa di sebut Pasar Rebo. Anu caritana zaman bubuhun, upamina
aya tukang dagang anu icis na di itung di tempat bisa di uabah jadi dadaunan,
namun upami di hitungna di rompok maka icisna moal berubah jadi dadaunan.
Salain eta desa cihirup gaduh budaya atanapi
teradisi anu sampe ayeuna masih dilaksanakeun, nyaeta diantawisna :
1.
Tatarekah/Sabumi anu
dilaksanakeun upamina bade melak pare atwa bade tatani.
2.
Mapag Sri,
anu dilaksakeun upami bde usum panen, sareng upami bade aya hiburan tradisional
wayang golek.
3.
Ngarak-arak meong sareng manikeunna ku masyarakat, anu bade
nuhunkeun turun hujan.
4.
Ngabantun kesenian kasakaliling makam Gunung Tanjung anu sami
maksuna nyaeta nuhunkeun hujan.
Ieu
sajarah singkat Desa Cihirup Kec. Ciawigebang-Kuningan. Anu tiasa di tuturkeun
rangkumanna anu ti sababaraha sumber anu insya Allah tiasa di pertangung
jawabkeun.