Jumat, 30 November 2012

asal usul desa cihirup (Bahasa Sunda)


ASAL USUSL DESA CIHIRUP
Sajarah Singkat Desa Cihirup
Desa Cihirup nyaeta Desa anu paling ujung di Kecamatan Ciawigebang anu perbatasan sareng Kabupaten Cirebon, Masyarakatna anu mayoritas nyaeta patani.
Asalmulana Desa Cihirup nyaeta aya hiji sumur anu henteu saat aya bae caina sanajan usum kamarau panjang atanapi usum katiga, cai anu aya teu eureun-eurun loba anu nyaian sawah sareng kanggo pepelakan palawija.
Taun 1822-1831, aya saurang pamimpin anu namina Buyut Maskar nyaeta anu ngaranan Cihirup, anu asal tina basa Ci anu ngandung arti cai sareng Hirup nyaeta Hirup. Anu ayeuna namina jadi Desa Cihirup.
Runtunana para pamimpin atawa kuwu desa cihirup nyaeta :
1.      Buyut Maskar (alm) (1822-1831)
2.      Buyut Nasimun (alm) (1831-1839)
3.      Buyut Manisem (alm) (1839-1856)
4.      Bapak Suawinata (alm) (1856-1905)
5.      Bapak Hasantajali (alm) (1905-1942)
6.      Bapak Wijaya Atmaja (alm) (1942-1958)
7.      Bapak Moh. Dasuki (alm) (1958-1967)
8.      Bapak Adi Subrata (1967-1978)
9.      Bapak H.W. Syahrudin (alm) (1979-1998)
10.  Bapak H. Royana (1999-sampe ayeuna)
Desa Cihirup, terkenal anu namina pasar peuting, anu dilaksanakeuna poe salasa malem rebo anu biasa di sebut Pasar Rebo. Anu caritana zaman bubuhun, upamina aya tukang dagang anu icis na di itung di tempat bisa di uabah jadi dadaunan, namun upami di hitungna di rompok maka icisna moal berubah jadi dadaunan.



Salain  eta desa cihirup gaduh budaya atanapi teradisi anu sampe ayeuna masih dilaksanakeun, nyaeta diantawisna :
1.      Tatarekah/Sabumi anu dilaksanakeun upamina bade melak pare atwa bade tatani.
2.      Mapag Sri, anu dilaksakeun upami bde usum panen, sareng upami bade aya hiburan tradisional wayang golek.
3.      Ngarak-arak meong sareng manikeunna ku masyarakat, anu bade nuhunkeun turun hujan.
4.      Ngabantun kesenian kasakaliling makam Gunung Tanjung anu sami maksuna nyaeta nuhunkeun hujan.
Ieu sajarah singkat Desa Cihirup Kec. Ciawigebang-Kuningan. Anu tiasa di tuturkeun rangkumanna anu ti sababaraha sumber anu insya Allah tiasa di pertangung jawabkeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar